Selasa, 01 Oktober 2013

HIJI ALIF ANJEUN

Puisi Ujianto Sadewa

Jagat molongpong
Langit tinggal ceudeumna
Ibun turun dihareupeun jandéla tatangga
 méh beureum rupana
Angin teu jol waé
 kana ieu wanci, nguliat awakna nuang katiris

anjeun geus miang, numpak cahaya, muru wanci
 laut raat tina sumegruk jeung gaur sato
jeung kamana malik muara
 sanggeus peupeus jeung remuk
ninggalkeun bubuk awak?

jeung jiwa?
tinggal sono Anjeun
natahan deui hurup jeung angka ka mimiti
Alif jeung hiji
 luhur
 jeung anjeun
muru Anjeun
Anjeun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar